Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Piknik
Jalan-jalan Virtual di Masa Pandemi
Cipt: Cefi Sutarya
Arsyad |
: |
“San, sakedap deui urang téh téréh
lulus sakola. Abdi mah pami tos bérés ujian, badé liburan ah!” |
Susanti |
: |
“Muhun Arsyad, asa cikénéh nya
urang téh kelas genep, ayeuna urang tos badé lulus deui.” |
Arsyad |
: |
“Leres pisan, Santi! Mugia urang
saréréa dipaparin kamudahan ngaréngsékeun ujian-ujian kelas genep. |
Susanti |
: |
“Aamiin…” |
Arsyad |
: |
“Ari Susanti éngké badé liburan
ka mana?” |
Susanti |
: |
“Liburan? Ah moal ka
mana-mana, sabab ayeuna mah tacan tiasa bébas, pan urang téh kedah mengurangi mobilitas! |
Arsyad |
: |
“Leres San, liburan virtual wé atuh! Supados urang téh teu
jenuh teuing. Nalika lebet di tsanawiyah,
tos sumanget deui diajarna.” |
Susanti |
: |
“Maksad jalan-jalan virtual téh naon kitu? Asa nembé nguping abdi mah.” |
Arsyad |
: |
“Jalan-jalan virtual téh kagiatan liburan ka hiji tempat tapi
ngalangkungan teknologi siga Google
Earth jeung Google Street View.
Tangtu meryogikeun jaringan anu saé, intina mah kedah ngeusian
kuota.” |
Susanti |
: |
“Oh kitu! Atuh moal raménya? Tetep
wé jenuh da masih kénéh di imah sabenerna mah.” |
Arsyad |
: |
“Muhun tapi resep San, sabab
urang ningal foto atawa video anu kaayaanna mirip jeung kanyataanana. ” |
Susanti |
: |
“Nya atuh abdi gé éngké bade jalan-jalan virtual wé, pikeun
ngaleungitkeun jenuh ogé ngajagi protokol
keséhatan.” |
Arsyad |
: |
“Badé jalan-jalan virtual ka mana kitu?” |
Susanti |
: |
“Hoyong… Jalan-jalan Virtual ka Pyramid
of Giza, Eqypt.” |
Mantap Kang
BalasHapusNuhun
Hapus