Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Piknik

 Jalan-jalan Virtual di Masa Pandemi

Cipt: Cefi Sutarya

Arsyad

:

“San, sakedap deui urang téh téréh lulus sakola. Abdi mah pami tos bérés ujian, badé liburan ah!”

Susanti

:

“Muhun Arsyad, asa cikénéh nya urang téh kelas genep, ayeuna urang tos badé lulus deui.”

Arsyad

:

“Leres pisan, Santi! Mugia urang saréréa dipaparin kamudahan ngaréngsékeun ujian-ujian kelas genep.

Susanti

:

“Aamiin…”

Arsyad

:

“Ari Susanti éngké badé liburan ka mana?”

Susanti

:

“Liburan? Ah moal ka mana-mana, sabab ayeuna mah tacan tiasa bébas, pan urang téh kedah mengurangi mobilitas!

Arsyad

:

“Leres San, liburan virtual wé atuh! Supados urang téh teu jenuh teuing. Nalika lebet di tsanawiyah,  tos sumanget deui diajarna.”

Susanti

:

“Maksad jalan-jalan virtual téh naon kitu? Asa nembé nguping abdi mah.”

 Arsyad

:

Jalan-jalan virtual téh kagiatan liburan ka hiji tempat tapi ngalangkungan teknologi siga Google Earth jeung Google Street View.  Tangtu meryogikeun jaringan anu saé, intina mah kedah ngeusian kuota.

Susanti

:

“Oh kitu! Atuh moal raménya? Tetep wé jenuh da masih kénéh di imah sabenerna mah.”

Arsyad

:

“Muhun tapi resep San, sabab urang ningal foto atawa video anu kaayaanna mirip jeung kanyataanana. ”

Susanti

:

“Nya atuh abdi gé éngké bade jalan-jalan virtual wé, pikeun ngaleungitkeun jenuh ogé ngajagi protokol keséhatan.”

Arsyad

:

“Badé jalan-jalan virtual ka mana kitu?”

Susanti

:

“Hoyong… Jalan-jalan Virtual ka Pyramid of Giza, Eqypt.


Silahkan kalian bisa praktikkan dengan intonasi yang benar, ekpresi, dan lainnya. Semoga bermanfaat.

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Ngaguar bedana Babasan jeung Paribasa

Bagaimana bisa mengeluarkan cengkok di lagu Sunda klasik?